Thursday, November 22, 2012

Cerita Penipuan Pulsa Lewat SMS

Basa aya SMS asup, mang Ablo ngan pati kerung macana ge:
Nak, tlong krim plsa 100 rbu k Mama. Ma2 lgi di jlan, plsa dikit lg mo hbis.
Mang Ablo ngabales dibarung ku kesel:
Rek nipu aih siah? Iraha teuing aing nyebut Mama ka indung aing, biasana ge Ema!
Teu lila aya SMS asup:
Jang, tlong krim plsa 100 rbu ke Ema. Ema lgi di jlan khabisan pulsa
Dibales deui ku mang Ablo:
Istikomah atuh mke bhasa teh, rek basa Sunda atwa Indonesia!
SMS dibales:
Jang, punten kintun plsa 100 rbu k Ema. Ema nju di jlan seep plsa.
Mang Ablo ngabales:
Hampura, aing ge sarua cekak. Ieu ge 700 perak deui. Gara2 sia tuda tkang tpu!
Nu rek nipu ngabales deui:
Cik atuh ti tadi nya ngomong we teu boga pulsa! Cape rek nipuna ge nya.
Mang Ablo teu eleh geleng:
Cucungik sia tuda! Jadi pulsa aing 350 perak deui.
Dibales ku nu nipu:
Salah saha bet dibales?
Mang Ablo ngirim SMS:
Sia nu ngamimitian tuda tukang tipu! Ieu SMS aing nu terakhir!
Nu nipu teu ngabales. Sarua beak pulsa ...


(dijiplak ti tatanggi)

No comments: