Thursday, November 22, 2012

Ramalan Bintang versi Bhs Sunda

1. Akuwarius
  • Pagawean nu cocok : dagang taraje jeung bilik
  • Keuangan : eureunan unjam injeum
  • Asmara : sakeudeung deui jomblo, dikepret calon mitoha
2. Piskes
  • Pagawean nu cocok :ngangkutan galon cai, sakapeung ngojek jeung ngiriman BBM ocon
  • Keuangan : ledeh, loba urusan pacorokokod
  • Asmara : ditolak deui, angger teu pira pedah rorombeheun
3. Ariyes
  • Pagawean nu cocok : ngamandian domba
  • Keuangan : loba ngahutang, gaji kapotong wae
  • Asmara : benerkeun heula beungeut 
4. Tawurus
  • Pagawean nu cocok : ngored jukut keur parab embe jeung dagang lahang
  • Keuangan : katipu babaturan deukeut.
  • Asmara : teu payu payu, ganti peletna
5. Gemini
  • Pagawean nu cocok : ngurek belut, ngala tutut
  • Keuangan : bangkar, jujualan baju mitoha
  • Asmara : ucrat acret teuing ... kabogoh diditu didieu euweuh nu eucreug
6. Kanser
  • Pagawean nu cocok : macul, ngored
  • Keuangan : sakarat tereh bangkrut.
  • Asmara : euweuh nu daekeun, modal ipis 
7. Leyo
  • Pagawean nu cocok : noelan tukang jajamu
  • Keuangan : ripuh pisan, teu saperak perak acan
  • Asmara : ati ati bakal kapelet, lawan ku dukun ti babakan cibelekok 
8. Pirgo
  • Pagawean nu cocok : dagang jengkol
  • Keuangan : Hambur pisan
  • Asmara : teangan nu rada cageur
9. Libra
  • Pagawean nu cocok : ngorehan runtah, atawa tukang beling
  • Keuangan : teu becus, euweuh gadag neang duit
  • Asmara : malem minggu engke manehna keur hayangeun diwowoy peda beureum + peuteuy
10. Sekorpio
  • Pagawean nu cocok : moe huntu di buruan, sakapeung menerkeun kenteng batur
  • Keuangan : sarua jiga kamari, bokek
  • Asmara : boga kabogoh panyakitan
11. Sagitariyus
  • Pagawean nu cocok : mersihan balong, mun keur halodo nyopet di pasar
  • Keuangan : pamajikan ngadat menta tambahan resiko dapur
  • Asmara : ditampilingan wae ku pamajikan, loba tatannya dukun jig
12. Kaprikoren
  • Pagawean nu cocok : dagang kurupuk
  • Keuangan : pikawatireun, waspada debt kolektor
  • Asmara : hambar, kabogoh hoyong kejutan, jig sakali2 jd Amroji atuh
(dijiplak ti tatanggi)

No comments: